Selamat datang, bacalah selalu "Basmalah" sebelum membacanya, semoga bisa menambah pengetahuan bagi kita semua

Sunday, March 27, 2016

Blogger

Tafsir Ibnu Katsir QS:1:1 (Basa Sunda Bag1)

سورة الفاتحة
AL-FATIHAH
(Bubuka)
Surat Makiyyah
Surat Ka-1 : 7 ayat

Abu Bakar bin al-Anbari ngariwayatkeun ti Qotadah, anjeuna ngunggelkeun, surat -surat dina Al-Qur’an anu lungsur di Madinah nyaeta serat al-Baqarah, Ali-Imran, an-Nisa’, al-Maidah, Bara’ah, ar-Ra’ad, an-Nahl, al-Hajj, an-Nuur, al-Ahzab, Muhammad, al-Hujurat, ar-Rahman, al-Hadid, al-Mujadalah, al-Hasyr, al-Mumtahanah, ash-Shaff, al-Jumu’ah, al-Munafiqun, at-Taghabun, at-Thalaq ti ayat “Ya ayyuhannabiyyu lima tuharrimu” dugi ayat kesepuluh,az-Zalzalah,sarta an-Nashr. Sadaya surat di luhur dilungsurkeun di Madinah, sarta surat -surat anu lianna dilungsurkeun di Mekkah.
Jumlah ayat dina Al-Qur’an aya 6000 ayat. Para ulama benten pamadegan ngeunaan jumlah anu langkung ti genep rebu eta. Aya anu nyatakeun henteu langkung ti genep rebu kasebat. Aya deui anu nyatakeun henteu langkung ti jumlah eta, aya deui anu nyatakeun jumlahna 6236. Kitu disebatkeun ku Abu Amr al-Daani dina kitab na al-Bayan.
Ngeunaan jumlah kalimah, nurutkeun al-Fadhl bin Syadzan ti Atha’ bin Yasan sadayana 77.439 kalimah. Sedengkeun ngeunaan hurup na, Salam Abu Muhammad al-Mamami nyarioskeun, al-Hajjaj (al-Hajjaj bin Yusuf) kantos ngumpulkeun para qurra’ (ahli aosan al-Qur’an), huffadz (para hafidz al-Qur’an) sarta kuttab (para panulis al-Qur’an), teras anjeuna cumarios,“Terangkeun ka kuring ngeunaan al-Qur’an sacara gamblangna, sabaraha hurup na?” saatosna dietang, aranjeuna sapuk yen jumlahna 340.740 hurup. saterasna Hajjaj nyaurkeun: “Ayeuna terangkeun ngeunaan pertengahan al-Qur’an.” Sarta tetela pertengan al-Qur’an eta teh hurup “ف” dina kalimah “وليتلطف” dina surat al-Kahfi.
Para ulama benten pamadegan ngeunaan hartos kalimah surat, tina kalimah naon dicandakna? Aya anu ngagaduhan pamadegan yen kalimah “السورة” eta asalna ti kalimah “الأبانة” (kejelasan) sarta “الأرتفاع” (kalungguhan)
Saurang penyair, an-Nabighah, nyarioskeun:
اَلَمْ تَرَ أَنَّ اللهَ أَعْطَاكَ سُوْرَةً * تَرَى كُلُّ مَلِكٍ دُوْنَهَا يَتَذَبْذَبُ
Naha anjeun teu ningali (uninga) , saestuna Allah parantos masihan anjeun kalungguhan anu luhur.
Anjeun geus ningali saban raja payuneunana ngaraos bimbang.
Ku kituna pamaca pindah ti hiji tingkatan ka tingkatan lianna. Aya anu nyaurkeun, ku alatan kemuliaan sarta luhurna lir ibarat pager nagari. Aya oge anu nyaurkeun, disebat surat margi mangrupakeun potongan sarta bagian tina al-Qur’an anu asalna ti kalimah ”اسارالأناء”, anu hartosna rorodan ti bagean kalimah anu mimitina ngagunakeun hamzah, saterasna hamzah eta dirobah janten (dhammah) wawu margi hurup saacana ngagunakeun dhammah, aya oge anu nyaurkeun disebut surat margi kelengkepan sarta kasampurnaanana, margi bangsa arab nyebatkeun onta anu sampurna ku kalimah surat. Nurutkeun nu nulis, tiasa oge asalna tina ringkesan nu ngawengku kana ayat-ayat Allah anu dikandungna, sepertos halna pager nagari disebat kitu margi ngawengku imah sarta tempat cicing pendudukna.
Jama’ ”السورة”, nyaeta ”سور”. Aya oge anu ngajama’na kalawan kalimah ”سورات” sarta ”سورات” . sedengkeun ayat mangrupa tawis pamotong kalimah sateuacan kalawan anu satutasna, hartosna misah sarta mandiri tinu lianna. Allah SWT ngadawuh ”إِنَّ آيَةَ مُلْكِهِ” “Saestuna ayat (tawis) kakawasaan-Na” (QS. Al-Baqarah: 248)
تَوَهَّمْتُ آيَاتٍ لَهَا فَعَرَفْتُهَا * لِسِتَّةِ أَعْوَامٍ وَذَا الْعَامُ سَابِعُ
Kuring ngabayangkeun tawis-tawis na, mangka kuring oge mikawanoh anjeuna.
Sanggeus langkung genep warsih sarta ayeuna anu katujuh
Aya oge anu nyatakeun, disebat ayat margi mangrupikeun kumpulan sarta jumplukan hurup-hurup al-Qur’an. Sakumaha disebatkeun, maranehanana kaluar kalawan ayat-ayat na, yaktos kalawan kelompoknya:
Saurang penyair nyaurkeun:
خَرَجْنَا مِنَ النَّقْبَيْنِ لاَحَىٌّ مِثْلُنَا * بآيَتِنَا نُرْجِى اللِّقَاحَ الْمُطَافِلاَ
kami kaluar ti Nagbain, teu aya kampung (kahirupan) seperti kami.
Kalawan sasarengan kelompok, kami ngiringkeun onta.
Aya oge anu nyaurkeun, disebut “آية” margi mangrupa hiji kaajaiban anu moal sangup hiji jalmi oge nyaros sapertos kitu. Sibawaih ngunggelkeun, eta kalimah asalna tina kalimah “أيية”,sepertos “أكمة” sarta “شجرة”  lajeng hurup “ya” anu hiji barobah janten alif, ku kituna janten “آية”. Jama’na nyaeta “آي” atawa “آياب”.
Sedengkeun anu dimaksud kalimah eta teh hiji lafazh, nanging tiasa oge diwangun ti dua hurup, sarta seueurna nyaeta sapuluh hurup, contona “ما” , ”لا”. Sarta kadangkala hiji kalimah janten ayat. Abu Amr ad-Daani ngunggelkeun, kuring henteu uninga hiji kalimah mangrupa hiji ayat kajabi firman Allah SWT “مدهآمتان” anu aya dina surat ar-Rahman.
Al-Qurtubi ngunggelkeun, para ulama sapuk yen di lebet al-Qur’an henteu aya hiji oge susunan kalimah anu a’jamiy (non Arab). Sarta aranjeuna sapuk yen di lebet al-Qur’an eta aya sababaraha jenengan sejen (non Arab) contona lafazh Ibrahim.

بِسْمِ اللَّهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيمِ (1)
Kalayan asmana Allah nu Maha welas tur nu Maha asih (Q.S:1:1)
Disebat Al-Fatihah hartosna bubuka kitab sacara tinulis. Sareng ku Al-fatihah eta dibukana bacaan dina Sholat.
Annas bin Malik nyaurkeun Al-Fatihah eta disebat Ummul Kitab nurutkeun jumhur ulama. Dina Hadits shohih nu di riwayatkeun ku imam Al Tirmidzi nu ka tampi ti Abu Huraeroh anjeuna nyaurkeun yen Rosululloh kantos ngadawuh:
عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ قَالَ قَالَ رَسُولُ اللَّهِ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ الْحَمْدُ لِلَّهِ أُمُّ الْقُرْآنِ وَأُمُّ الْكِتَابِ وَالسَّبْعُ الْمَثَانِي
Abu Huraeroh RA, anjeuna nyaurkeun. “Rosululloh SAW parantos ngadawuh: 'Al Hamdulillaah (surah Al Faatihah) nyaeta  ummul qur aan (inti Al Qur’an), ummul kitaab (inti Al Kitab) sareng as-sab'ul matsaani (tujuh ayat nu diulang-ulang)'." Shahih Al-Tirmidzi(3124), Shohih Abu Daud(131) Al Bukhari; as-Sab'ul Matsaani.

Abu Isa nyaurkeun. '"ieu hadits hasan shahih."

Wallohu a'lam

Nyambung Kana  Tafsir Ibnu Katsir QS:1:1 (Basa Sunda Bag2) 
“Barangsiapa yang menunjukkan kepada kebaikan, maka baginya pahala seperti pahala orang yang melakukannya.” (HR. Muslim: 1893)
Sebarkan jika Bermanfaat, Klik Tombol di bawah ini ^_^

0 komentar:

Post a Comment

Cara-Cara Menghasilan Uang dari YouTube dengan Mudah

Saat ini, menghasilkan uang dari internet bukanlah hal yang mustahil. Salah satu cara mendapatkan uang tersebut adalah lewat YouTube. Cara m...