Selamat datang, bacalah selalu "Basmalah" sebelum membacanya, semoga bisa menambah pengetahuan bagi kita semua

Wednesday, March 23, 2016

Blogger

Ciri Khusus Agama Islam (basa sunda)


Dawuhan Allah SWT (Q.S Ali Imran:19)
إِنَّ الدِّينَ عِنْدَ اللَّهِ الْإِسْلَامُ وَمَا اخْتَلَفَ الَّذِينَ أُوتُوا الْكِتَابَ إِلَّا مِنْ بَعْدِ مَا جَاءَهُمُ الْعِلْمُ بَغْيًا بَيْنَهُمْ وَمَنْ يَكْفُرْ بِآيَاتِ اللَّهِ فَإِنَّ اللَّهَ سَرِيعُ الْحِسَابِ
Nu hartosna:
saestuna agama mungguh Allah nyaeta islam, jeung teu aya nu pasalia jalma-jalma nu dipaparin al-kitab (maksudna nyaeta kitab-kitab nu di turunkeun samemeh Al-Quran), iwal sanggeus datangna penerangan pikeun maranehna, disababkeun kadengkian nu aya dintara maranehna, jeung saha be jalma anu kafir kana ayat-ayat Allah maka saestuna Allah nu gancang ngahisaban
Ngeunaan ayat diluhur, Ibnu Katsir dina tafsirna parantos nyaurkeun yen ayat eta mangrupikeun hibar ti Allah subhanahun wa Ta’ala  saestuna teu aya deui agama naon bae mungguh Allah, lian ti Agama Islam. Sedengkeun Agama Islam nyaeta ittiba’ (nuturkeun) rasul-rasul Allah nu diutus dina tiap zaman, dugi ka akhirna di tutup ku Nabi Muhammad SAW salaku panutup sadaya rosul. Mangka saha wae jalma nu ngagem hiji agama lian ti nu di syare’atkeun ku Nabi Muhammad sa ba’da anjeuna diutus teu di tampi mungguh Allah SWT.
Anapon (khosoishu dinil-islam) ciri khusus Agama islam pikeun ngabentenkeun sareng agama-agama salian ti islam sakumaha pidawuh-pidawuhna dina Al-quran diantawisna:
1.       Sumpingna ti Allah   (الرُّبَّانِيَّةُ)
Ku kanyataan Rasululloh umy (teu tiasa nyerat sumawona maca) dina waktos nampi wahyu eta ngajantenkeun hiji buktos yen  agama islam sanes damelan kangjeng Nabi Muhammad SAW estuning sumping ti Allah SWT
Sakumaha dawuhan Allah dina Q.S Al-Jumuah: 2
هُوَ الَّذِي بَعَثَ فِي الْأُمِّيِّينَ رَسُولًا مِنْهُمْ يَتْلُو عَلَيْهِمْ آيَاتِهِ وَيُزَكِّيهِمْ وَيُعَلِّمُهُمُ الْكِتَابَ وَالْحِكْمَةَ وَإِنْ كَانُوا مِنْ قَبْلُ لَفِي ضَلَالٍ مُبِينٍ
Nyatana Allah nu geus ngutus pikeun kaom nu buta huruf hiji Rosul ti kalangan maranehna, nu macakeun ayat-ayat-Na ka maranehna, nyucikeun maranehna sarta ngajarkeun maranehna Kitab (Al-Qur’an) sarta Hikmah (As-sunnah). Jeung saestuna maranehna samemeh eta aya dina kasasaran anu nyata.
Dina ayat sejena Q.S Al-Ankabut:48
وَمَا كُنْتَ تَتْلُو مِنْ قَبْلِهِ مِنْ كِتَابٍ وَلَا تَخُطُّهُ بِيَمِينِكَ إِذًا لَارْتَابَ الْمُبْطِلُونَ
Jeung anjeun (Muhammad) teu pernah maca samemehna (Al-Quran) hiji kitab oge, jeung anjeun teu pernah nulis ku leungeun katuhu anjeun, saupamana (Muhammad pernah maca sarta nulis) maka karaguan pikeun jalma nu ingkar ka anjeun
Imam Syaukani rahimahullah nyaurkeun: “saupamina Nabi Muhammad SAW tiasa maca sarta nulis, tangtuna jalma-jalma bakal nyararita nyen ajaran anjeuna saukur hasil maca tina kitab-kitab Allah samemehna”
2.       Manusiawi (humanis) sarta alami (universal)  (الإِنْسَانِيَّةُ العَالَمِيَّةُ) 
Islam mangrupakeun agama anu saluyu sajalan sareng fitrah manusa, manusa ngagaduhan kacondongan mikacinta kana harta, tahta, keluarga, (anak istri). Saupamina aya sabagian agama nu ngalarang kana nikah, atanapi ngedahkeun ngajauhan kana harta tahta atawa sabangsana,  islam teu ngalarang kana hal salami teu ka leuleuwihi,  
Teras islam oge sifatna universal, saupami agama-agama samawi sateuacan islam mung berlaku kanggo hiji bangsa, hiji zaman, benten sareng agama islam nu sifatna universal.
Sakumaha pidawuh Allah dina Al-Qur’an (QS. As-Saba: 28)
وَمَا أَرْسَلْنَاكَ إِلَّا كَافَّةً لِلنَّاسِ بَشِيرًا وَنَذِيرًا وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ
Hartosna:
Jeung teu pati-pati kami ngutus ka hidep Muhammad lianti pikeun sakabeh ummat manusa, salaku nu mawa kabar gumbira jeung peringetan, tapi kalolobaana jalma teu nyarahoeun
Sakumaha ayat nembe yen agama islam manusiawi jeung sarta alami likaafatinnasi (pikeun sakabeh manusa) sanes pikeun bangsa arab hungkul, sanes pikeun urang islam hungkul. Nu janten buktosna seueur doktrin/aturan agama islam nu berlaku oge pikeun agama di luar islam.
Kasauran Muhammad Abduh nu sifatna lenyepaneun
ذَهَبْتُ اِلَى الْفَرَنْسَا وَجَدْتُ الأِسْلاَمَ  وَلَمْ أَجِدُ الْمُسْلِمُ, وَ ذَهَبْتُ اِلِى الْقَاهِرَةْ  وَجَدْتُ الْمُسْلِمْ  وَلَمْ أَجِدُ الأِسْلاَمَ
Kuring indit ka Prancis kuring mendakan islam tapi teu mendakan urang islam, jeung kuring indit ka Mesir kuring mendakan urang islam tapi teu mendakan islam
Tina kasauran eta jelas masing urang luar islam lamun nu digunakeuna aturan-aturan islam bakal bisa dicirikeun tibatan urang islam nyalira nu teu ngagunakeun aturan islam,
3.       Kumplit/ integral sarta sampurna (الشَّامِلُ الْمُتَكَامِلُ)
Islam ngatur sadaya aspek kahirupan, urusah batiniyahna nu ngawengku syareat nu sampurna nu tos diajarkeun nu kangjeng nabi Muhammad SAW, teras lahiriyahna nu ngawengku kahirupan pribadi atanapi umum, dugika urusan  politik, aturan-aturan nagara, sadayana tos diatur jelas dina islam.
Allah parantos ngadawuh dina Q.S An-Nahl: 89
وَنَزَّلْنَا عَلَيْكَ الْكِتَابَ تِبْيَانًا لِكُلِّ شَيْءٍ وَهُدًى وَرَحْمَةً وَبُشْرَى لِلْمُسْلِمِينَ
Jeung kami nurunkeun ka Anjeun (Muhammad) Al-Kitab (Al-Quran) pikeun ngejelaskeun satiap perkara jeung pituduh sarta rahmat jeung kabar gumbira pikeun jalma-jalma (muslim) nu nyerahkeun diri.
4.       Al-Basathoh (sederhana/ gampang)    (البَسَاطَةُ)
Inad-dina yusrun saenyana agama teh gampang (al-hadits shohih bukhari)
Sajalan sareng dawuhan Allah dina (QS. Al-baqoroh: 286)
لَا يُكَلِّفُ اللَّهُ نَفْسًا إِلَّا وُسْعَهَا لَهَا مَا كَسَبَتْ وَعَلَيْهَا مَا اكْتَسَبَتْ
Allah teu ngabebanan hiji jalma anging saluyu jeung kamampuana
5.       ‘Adil (adil) (العَدَالَةُ)
وَعَدَ اللَّهُ الَّذِينَ آمَنُوا وَعَمِلُوا الصَّالِحَاتِ لَهُمْ مَغْفِرَةٌ وَأَجْرٌ عَظِيمٌ
Jeung ulah sakali-kali kangewa aranjeun ka hiji kaum, ngadorong aranjeun pikeun heunteu berlaku adil, kudu berlaku adil aranjeun, sabab adil leuwih deukeut kana taqwa, jeung kudu taraqwa aranjeun ka Allah saenyana Allah Maha uninga kana naon bae nu ku aranjeun dilakukeun (Q.S. Al-Maidah:9)
Teras deui aya kasauran kangjeng Nabi dina hadits ngeunaan kawajiban caroge ka istrina nu ka tampi ti Hakim bin Muawiyah nu di riwayatkeun ku bukhori secara muallaq nu di shohihkeun ku ibnu hibban :1268
تُطْعِمُهَا إِذَا أَكَلْتَ
Kudu mere dahar aranjeun ka istri aranjeun lamun anjeun dahar
Eta diantawis hadits nuduhkeun adilna aturan islam dina rumah tangga, seueur deui conto nu sejena salahsawiosna dina masalah hak waris nu disebat pameget nanggung istri ngakeup
6.       Saimbang dina sagala hal (التَّوَازُن)
Islam mangrupikeun agama nu mibanda konsep ka saimbangan nu teu mentingkeun urusan batiniyah wungkul, nanging urusan lahiriyah ge jelas diatur dina islam, salah sawios contona sakumaha dawuhan Allah dina Q.S Al-Imran: 159
وَشَاوِرْهُمْ فِى الأَمْرِ فَاِذَا عَزَّمْتَ فَتوَكَّلْ عَلَى الله
Jeung kudu musyawarah aranjeun dina hiji urusan, jeung dina nalika anjeun ngazam maka kudu tawakal ka Allah,
Dina ayat eta dijelaskeun tahapan tawakal nu mangrupakeun kagiatan batiniyah, ti kawit musyawarah (ngarencanakeun) diteraskeun ngamaksud sarta ngusahakeun bari soson-soson nu mangrupakeun kagitan lahiriah, saatosna kitu nembe diteraskeun kana tawakal, janten aya teh mah tawakal saupamina tos diusahakeun sakamampuana
7.       Ats-Tsabat wal murunah (mutlak sarta fleksibel)    (الثبات والمرونة)
Dina agama islam aturan-aturana aya nu sifatna tsabat /mutlak (teu bisa dirobah) nyaeta dina masalah ushul jeung maqosid, ushul anu berarti asal sifatna prinsip anapon maqosid berarti maksud. Saterasna salian ti nu sifatna mutlak aya oge aturan-aturan islam nu sifatna fleksibel (bisa robah) nyaeta masalah furu (cabang) jeung wassilah (perantara), hiji conto antawis ushul sareng furu, umat islam sadaya diwajibkeun ngalaksanakeun sholat eta mutlak kedahna, anapon dina masalah furuna aturan eta flexible, saupamina teu damang tiasa ngalaksanakeun sholat bari calik atanapi ngagoler, saupamina dina perjalanan nu tebih tiasa di jamak atanapi di qoshor, antawis maqosid sareng washilah contona, urang nganggo anggoan ngagaduhan maqosid (maksud) kanggo nutup orat, nutup oratna eta multak kedahna, anapon washilah, tata cara, mode tiasa beda-beda
Kumargi kitu janten jelas yen agama islam sholihun likulli zamaan wa makan (islam layak, cocok dina satiap zaman sareng tempat)
“Barangsiapa yang menunjukkan kepada kebaikan, maka baginya pahala seperti pahala orang yang melakukannya.” (HR. Muslim: 1893)
Sebarkan jika Bermanfaat, Klik Tombol di bawah ini ^_^

0 komentar:

Post a Comment

Cara-Cara Menghasilan Uang dari YouTube dengan Mudah

Saat ini, menghasilkan uang dari internet bukanlah hal yang mustahil. Salah satu cara mendapatkan uang tersebut adalah lewat YouTube. Cara m...