Selamat datang, bacalah selalu "Basmalah" sebelum membacanya, semoga bisa menambah pengetahuan bagi kita semua

Saturday, June 4, 2016

Blogger

Babasan Pamasrahan Bakal Panganten Pameget.

Ass. Wr. wb
Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja.
Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah al-qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.
Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.
Sholawat salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.
Para hadirin wal hadiroh rohimakumulloh! Utamina pangersa Al-mukarom al-mukaromah, biyang sareng ramana bakal panganten istri, kalih sadaya kawargiannana.
Saur paripaos sepuh tea mah, sim abdi dina ieu sa’at, lambe sambung lemek, ilat sambung talatah, sampean sambung lengkah, kenging ka percanteunan ti pangersa Al-mukarom al-mukaromah Bapa ………………….. kanggo ngadugikeun pamaksadannana.
Dupi anu kahiji ngadugikeun hatursewu panuhun, laksaketining kabingahan manah, ka kasih ati miwah ka kulawargi bakal panganten istri.
Anu kaduana, seja nyuhunkeun sihapunteun kasadayana, tina sugrining kalepatan, bilih rombongan anu sumping, kirang tata titi duga sareng peryogana, kasadayana neda tawakuf sareng hapuntena bae.
Anu katiluna, nyanggakeun silaturrohmi ka sadayana pamugi kersa nampina, kalayan pamugi Alloh SWT ngersakeun maparin paedah silaturrahmina. Amiin ya robbal ‘alamiin.
Dupi anu kaopatna, sumeja unjuk kapihatur sarehna di rorompok teh, gaduh putra anu keur mangsana remaja, gumeleber kumalayang, mapai-mapai raratan qodar pangeran, sumiriwik nitih taqdir ti ajali, kumawantun lolongok ka lebet kebon patamanan kagungan bapa……… didieu, rupina bae pasarandog amprok, sareng sekar anu nuju mangkak nantang seuseup, atuh waktos wangsul ka rorompok teh, katingal pun anak guling gasahan, lir kadudut lelembutan, kapentang mamaras rasa. Hoyong metik naming heunteu wanton, sanaos aya paripaos, batu turun keusik naek kalapa tonggoheunnana, Jang ……..  daek, Nenk ………… daek, sami sami pada bogoheunnana, saumpami heunteu kawidian kunu kagungan taman, da gening taman teh di pageur ku ajaran agama sareng susila.
Ku kituna unjuk kapihatur campaka teh hoyong dipetik, pangersa bapa kalih ibu pamugi widi, seja di anggo aleman sungkeman, pupunden rasa, buah ati, tempat kasucian ati, tempat sasampayan kaheman rasa, di damel batur hirup Saumur-umur, diajak sasarengan ngojayan sagara rumah tangga, neuleuman caladi laki rabi, pamugi pinareng tinemu bagja tansah kinayungan, salamina aya dina kaasih gusti anu maha suci, Amiin, rupina kitu gerentes pun anak teh.
Atuh waktos ayeuna, kagok asong kapalang rongkong, tatandang nu bakal mindang, balebat mangsana miyang, cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustar, ninggang mangsa nu utama, malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung, pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih, antawis Jang ……. Ka Neng …… pinasti rintih ngahiji, subaya nu bakal nyata, geugeut layeut laki rabi, sumangga urang sakseni.
Salajengna sim abdi, kalawan asamana Bapa …… nyaeta sepuh calon bakal panganten pameugeut, neda panyaksen ti sadayana kalayan ucapan BISMILLAHIRROHMANIRROHIIM!
Mangga nyanggakeun pun anak anu wastana, Ujang ………. Ka pangersa bapa kalih  ibu ……… kanggo di dahupkeun ka tuang putrid anu wastana Neng ………
Luyu sareng babadantenan urang kapungkur naming saleresnamah nyanggakeun teh mung nyanggakeun wungkul awak sakujur, tiluhur sahibas rambut, tihandap sahibas dampal, tigigir sapanggiling gisik kulit, rambutna salambar, getihna satetes, tulangna sahuntu, nafasna sadada, kabodoan sareng ireng kataligeuhannana, sanggem paripaos tea mah:
Ditekuk maung,
Katinggang pangpung,
Ilang alang marga hina,
Sumangga seja nyanggakeun….
Namung pun anak teh heunteu barang bantun anu nyugeumakeun, keupat kapitkeupat nampah teh saleresna, teu janjang jinjing, teu kapal keupeul, atuh eta mah manawi aya anu dijinjing anu di tangeuy, etang-etang tilam kadeudeuh bae ti pun anak ka tuang putrid didieu, pamugi katampi.
Pamungkas ti sim abdi, seja I’tidar sanduk-=sanduk papalaku, bilih bae aya sanggeum nu maduuk kana kalbu, ngagaris kana ing panggalih, langkung sahur bahe carek, aya basa kirang merenah, aya kecap kalepasan, pamugi bae sadayana, utamina pangersa sepuhna bakal panganten istri miwah sadaya kulawargi, mugi ageing cukup lumur pangapunten, neda jembar pangampura, kersa ngamparkeun lautan pangaksami, akhirna mangga sapurati ngahatutkeun.
 Wass. Wr. Wb.

“Barangsiapa yang menunjukkan kepada kebaikan, maka baginya pahala seperti pahala orang yang melakukannya.” (HR. Muslim: 1893)
Sebarkan jika Bermanfaat, Klik Tombol di bawah ini ^_^

0 komentar:

Post a Comment

Cara-Cara Menghasilan Uang dari YouTube dengan Mudah

Saat ini, menghasilkan uang dari internet bukanlah hal yang mustahil. Salah satu cara mendapatkan uang tersebut adalah lewat YouTube. Cara m...